Lirik Lagu Nini-Nini Impor - Doel Sumbang

Nini-Nini Impor

Lagu Doel Sumbang @2022

Nini-nini péot geus gomplok ku huis

Siga budak anu murag bulu bitis

Unggal poe gawé ngador jeung ngageulis

Paké bedak paké lipstik paké shadow paké bondu

Siga jurig tangkal waru

Make baju nécis hayang siga artis

Ucad acred hayang jiga pragawati

Sura seuri huntu tinggal tilu siki

Calangapna sok gedé teuing

Nepikeun ka asup angin mineng pisan kabesékan

Nangkring di jalan tikungan

Ngaheureuyan budak bujang

Poho umur poho incu asa aing alah geulis kénéh

Sura-seuri Tual-toel Gura-gero Kucap-kiceup Umat-imut

Gutak-gitek Gubay-géboy Ucad-acred Asa kéwés

Cumentil leuwih ti hostes