Lagu Doel Sumbang @2022
Sok Rajeun Kamemelangan
Mikiran Diri Pribadi
Timana Jeung Rek Kamana
Cenah Hirup Kudu Hurip
Waluya Lahir Jeung Bathin
Nyaho Nu Bener Nu Palsu
Ngan Hese Neanganna
Sok Inggis Salah Pamilih
Palangsiang
Bener Teh Ngan Ceuk Sorangan.
Dimana Ayana Senang
Dimana Ayana Tingtrim
Dikotektak Diteangan
Lain Deui Lain Deui
Lamun Diri Tacan Wani
Naklukkeun Tujuh Nu Luhung
Wayahna Dina Maya
Ngarungkupan Katumbiri
Anu Aya Di Dayeuh Karang Tangtungan
Angkeuhan Karek Rumangsang
Jauh Keneh Kana Peuting
Padahal Geus Wayah Ashar
Najan Surya Tacan Lingsir
Lamun Pareng Datang Peuting
Samemeh Sareak Layung
Kakarak Balilihan
Kaduhung Gawe Ngan Ulin
Ngalonglewang
Teu Boga Bawaeun Mulang
----00----